Leuwih mengkuhkeun sinergitas TNI-Polri, Kapolres Majalengka tumorojog ka Mako Yonif TP 338/Talaga Manggung

Bengkalis Pos ·
Leuwih mengkuhkeun sinergitas TNI-Polri, Kapolres Majalengka tumorojog ka Mako Yonif TP 338/Talaga Manggung

MAJALENGKA, galura.pikiran-rakyat.com - Pikeun mengkuhkeun soliditas jeung sinergitas antara TNI jeung Polri dina ngajaga stabilitas keamanan di wilayah hukum Kabupaten Majalengka, Kepala Kepolisian Resor (Kapolres) Majalengka AKBP M Aldy Sulaiman, S.I.K., M.Si., silaturahmi ka Markas Komando (Mako) Yonif TP 338/Talaga Manggung di Kecamatan Kertajati, Kabupaten Majalengka, Jumaah (4/9/2026).

Kapolres Majalengka dibarengan ku Wakapolres Majalengka Kompol Dani Prasetya, sakumna Pejabat Utama (PJU) Polres Majalengka, sarta Kapolsek Kertajati AKP Diding Sunandi.

Anu ngageakeunana  Danyonif TP 338/Talaga Manggung Mayor Inf Mario Herdiana Belo, S.T. Han., jeung jajaran Pejabat Utama Yonif sarta ratusan prajurit TNI.

Kapolres Majalengka AKBP M Aldy Sulaiman neueulkeun silaturahmi ka Mako Yonif TP 338/Talaga Manggung bagian tina komitmen pikeun  miara  kakompakan antara personilkapulisian jeung TNI.

Danyonif TP 338/Talaga Manggung Mayor Inf Mario Herdiana Belo ngapresiasi silturahmina Kapolres Majalengka katut jajaran Pejabat Utama Polres.

Baca selengkapnya