KH Nonop Hanafi, Panglima Long March Santri Ciamis dina Aksi Bela Islam 212 Soarana Mingkin Ngageleger

CIAMIS, galura.pikiran-rakyat.com -Leuwih kakoncara pisanna waktu mokalan jeung mingpin long march santri ti Kabupatén Ciamis ka Jakarta. Parasantri ti Ciamis jeung ti Tasikmalaya, ngajugjug Monumén Nasional (Monas) leumpang tempat Aksi Béla Islam nu digelar 2 Désémber 2016 sara dipingpin ku Gerakan Nasional Pengawal Fatwa (GNPF) MUI.
Harita santri nu miluan leumpang téh aya kana 1000 urang, ngan anu tepi ka Monas mah sakira 600 urang. Di sapanjang réa warga nu simpati, nyadiakeun inuman jeung kadaharan. Umat Islam ti Dépok, Bogor, Tangerang, Bekasi jeung sabudeureunana ogé nurutan leumpang ngajugjug Monas.
KH Nonop Hanafi kungsi balaka waktu rék mingpin santri leumpang ka Jakarta réa halang harunganana. Dianggap rék makar. Malah Kapolri nu harita dijabat ku Tito Karnavian, ayeuna Mendagri, kungsi nganjang ka Kota Tasikmalaya sarta ngogan para ulama keur ngurangan kaayaan nu harénghéng ku cara doa babarengan.
Dijadikeunana santri leumpang ti Ciamis ka Jakarta téh dina rapat nu digelar malem Ahad, 27 Novémber 2016. KH Nonop nu kiwari jadi pupuhu Miftahul Huda II Bayasari, Kecamatan Jatinegara, Kabupatén Ciamis téh. Inyana laju ngontak pasantrén séjénna di Kabupatén Ciamis jeung Kabupatén Tasikmalaya.
Baca selengkapnya